Lirik Pupuh Wirangrong - He Barudak

Barudak mangka ngalarti Ulah rék kadalon-dalon Enggon-enggon nuntut élmu Mangka getol mangka tigin Pibekeleun sararéa Modal bakti ka nagara Nagara jeung lemah cai Perlu pangjaring pangrojong Pamumulé panyalungsum Malar tetep jaya sakti Nagara tetep merdeka He barudak, mangka ngarti Ulah rék ka dalon-dalon Nuntut élmu, jeung pangarti Masing rajin soson-soson Pibekeleun, hirup tandang Modal bakti ka nagara Lemah cai, anu urang Perlu dijaga dibéla Indonesia, nu merdeka Perlu pangrojong pangjaring Pamumulé, nu sampurna Pangraksa beurang jeung peuting Malar nagri, jaya sakti Pinareng unggah darajat Ka Agungan, lemah cai Wajib dijaga diruwat