Lirik Pupuh Wirangrong - He Barudak


Barudak mangka ngalarti

Ulah rék kadalon-dalon

Enggon-enggon nuntut élmu

Mangka getol mangka tigin

Pibekeleun sararéa

Modal bakti ka nagara


Nagara jeung lemah cai

Perlu pangjaring pangrojong

Pamumulé panyalungsum

Malar tetep jaya sakti

Nagara tetep merdeka


He barudak, mangka ngarti

Ulah rék ka dalon-dalon

Nuntut élmu, jeung pangarti

Masing rajin soson-soson

Pibekeleun, hirup tandang

Modal bakti ka nagara

Lemah cai, anu urang

Perlu dijaga dibéla


Indonesia, nu merdeka

Perlu pangrojong pangjaring

Pamumulé, nu sampurna

Pangraksa beurang jeung peuting

Malar nagri, jaya sakti

Pinareng unggah darajat

Ka Agungan, lemah cai

Wajib dijaga diruwat

Comments

Postingan Populer

Lirik Pupuh Balakbak "Aya Monyet"

Tahun Kabisat

Dampak Gerak Revolusi dalam Kehidupan Kita

Kalender Hijriah dan Perbedaannya dengan Masehi

Gaya Gravitasi di Antariksa: Kekuatan Tak Terlihat yang Mengatur Alam Semesta

Dampak Gerak Rotasi pada Kehidupan Kita

Bumi, Bulan, dan Matahari: Harmoni Semesta yang Menakjubkan

Siang dan Malam di Kutub

Mengenal 17 Pupuh Sunda: Lirik, Makna, dan Keindahannya